Rabu, 14 Maret 2012

Rangkuman

carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif.

Maksud guguritan nyaeta wangun karya sastra mangrupa puisi anu di tulisna make patokan pupuh. Guguritan leuwih condong kana rumpakana (tulisanana) sedengken pupuh leuwih condong kana ngaran jeung lagamna.

Pupuh nyaeta salah sahiji wangun karya sastra mangrupa puisi anu sok dihaleuangkeun kalayan geus kauger ku patokan-patokan.

Pupuh aya opat patokan:
Guru wilangan nyaeta sora pokal dina tuntung padalisan/baris.
Guru wilangan nyaeta jumlah engang (suku kecap) dina tiap padalisan.
Guru padalisan nyaeta jumlah padalisan dina tiap pada/bait.
Watek/sipat nyaeta pasipatan tina masing-masing pupuh.

Pupuh sacara garis badag aya dua, nyaeta:
Sekar ageng : pupuh anu miboga leuwih ti hiji wanda lalaguan.
Sekar alit : pupuh anu miboga hiji wanda lalaguan.

Kawih nyaeta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga sarta miboga birama anu ajeg (angger), mibutuh lagu tur kabeungkeut ku wiletan jeung tempo atawa ketukan.
Contoh : Bubuy bulan, bajing luncat, bangbung ranggaek, jeung anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar